Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang "Tanda Hate Anu Sehat"

Jumat 14 Juli 2023, 07:00 WIB
Ilustrasi. Jemaah | Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang "Tanda Hate Anu Sehat" (Sumber : Instagram/@mohmahfudmd)

Ilustrasi. Jemaah | Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang "Tanda Hate Anu Sehat" (Sumber : Instagram/@mohmahfudmd)

SUKABUMIUPDATE.com - Khutbah Jumat adalah salah satu bentuk kegiatan ibadah yang dilaksanakan umat Muslim di setiap hari jumat.

Isi dari Khutbah Jumat yaitu khatib menyampaikan sepatah nasihat, ajakan, informasi hingga peringatan kepada jamaah sebelum Shalat Jumat dilaksanakan.

Baca Juga: 5 Mitos Batu Hitam di Dunia, Ada Misteri Sekitar Stadion Suryakencana Sukabumi!

Khutbah Jumat biasanya dilaksanakan sebelum Shalat Jumat. Untuk Updaters yang sedang mencari Contoh Teks Khutbah Jumat Singkat, berikut naskah yang diadaptasi dari Jabar NU Online. Yuk, simak!

Contoh Khutbah Jumat Singkat: Kunci Ketenangan dan Kelapangan Hati

"Bissmillahirohmanirrahim, Assaalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh...

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh

Teu aya kalimat anu pang sae-saena anu kedah dikedalkeun ku urang sadayana di danget ieu anging Alhamdulillah. Puji syukur ka Allah Robbun Gofur. Dzat anu maha nyiptakeun sareng maha ngatur sadayana alam.

Dzat anu teu weleh-weleh maparin ni’mat ka urang dugika waktos ieu pisan, terutami ni’mat taufiq sareng hidayah. Sahingga urang tiasa kempel di tempat anu mulya ieu dina raraga turut tumut kana salah sawios parentah-Na nyaeta shalat jumah berjamaah.

Sholawat sinareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, nyatana ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. anu diutus janten rohmat ka sadayana alam. Oge teu hilap mugia dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabiin, sareng para tabiit tabiin, dugika urang sadayana anu ngarep-ngarep syafaatna di yaumil jaza.

Hadirin sadayana,

Sateu acan ngalajengkeun ieu khutbah, khotib wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka sadayana sidang jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan, wireh takwa mangrupakeun pang sae-saena bekel lumampah mayunan kahirupan dunya sareng akherat.

Takwa nu janten benteng urang sadayana dina raraga ngajalankeun paranteh Alloh sareng nebihan sagala rupi panyegah-Na. Mugia urang sing diwuwuh taufik sareng hidayah ku Allah SWT, dina sagala laku lampah urang sadayana.

Hadirin anu dimulyakeun ku Allah

Sakumaha anu kauninga, hate jalma teh aya nu cageur, gering, kadang mah paeh. Parahna deui, gering jeung paehna hate teu kanyahoan ku nu bogana. Eta akibat nu boga hate teu apal tanda-tanda cageur, gering jeung paehna hate.

Maka hal eta, urang sadayana kedah terang kumaha ciri-ciri nalika hate sehat, gering atawa paeh.

Kedah kauninga ku sadayana, hate anu gering moal ngaraoskeun peurihna kamaksiatan, moal ngarasakeun nyerina kabodoan, oge moal ngarasakeun batalna akidah. Sanes kanten ti eta, hate anu gering kacida antina kana paitna obat. Naon ari obatna hate anu gering?

Obatna hate anu gering teh nyaeta nasehat, dzikir ka Allah SWT, ngaos Al-Quran, nyeueurkeun solat wengi, sareng seueur bergaul jeung jalmi-jalmi anu soleh. Hanjakal, hate anu gering mah teu hoyongeun caket jeung obat-obat nu tadi. Tibatan hayang cageur, leuwih tahan sasarengan jeung panyakit sanajan eta panyakit teh mingkin ngaruksak kana dirina.​​​​​​​

Sabalikna, ari hate anu sehat mah bakal ngarasakeun nyerina perkara-perkara tercela anu datang ka manehna. Hate anu sehat mah bakal ngarasakeun peurihna kabodoan jeung bakal nganyahokeun panyakit-panyakit anu nyerang kana akidahna. Ku hal sakitu, hate anu sehat mah bakal gampang narima kana obat sareng bakal berusaha nyingkirkeun panyakit-panyakit anu eunteup dina dirina.

Saterasna, di antara tanda-tanda hate anu gering teh nyaeta malengos tina kadaharan anu halal sareng maslahat kana kadaharan anu teu halal sareng ngabahayakeun, malengos tina obat anu matak nyehatkeun kana perkara anu matak nambahan panyakit.

Sabalikna, hate anu sehat mah nyaeta hate anu mentingkeun obat anu matak nyehatkeun sanajan pait daripada bertahan dina peurihna panyakit. Saenya-enyana pang hade-hadena kadaharan eukeur hate nyaeta kaimanan, oge pang hade-hadena obat eukeur hate nyaeta Al-Quran.

Baca Juga: 5 Bahasa Tubuh Tanda Orang Berbohong, Salah Satunya Ekspresi Wajah

Tanda hate anu sehat salajengna nyaeta bergerak ninggalkeun alam dunya menuju alam akherat. Sanajan masih kumelenang di alam dunya, hate anu sehat mah bisa nempatkeun diri salaku ahli jeung pejuang akherat.

Sanajan masih di dunya, anjeuna saperti terasing. Nyandak hancengan dunya sakadar nyukupi kabutuhan, sanes ngayonkeun nafsu jeung kahayang, teras ngarahkeun tujuannana keur ngahontal kabagjaan anu lana di negeri kaabadian. Hal ieu sakumaha pidawuh Kangjeng Rosul dina hadisna, sawaktos nyepeng salah sawios anggahota badanna:

يَا عَبْدَ اللَّهِ كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيبٌ أَوْ عَابِرُ سَبِيلٍ، وَاعْدُدْ نَفْسَكَ مَعَ الْمَوْتَى

Hartosna, “He hamba Alloh, di dunya teh ieu anjeun kudu jadi jalma asing atawa jadi jalma anu ngaliwat perjalanan. Satuluyna anjeun persiapkeun diri nyanghareupan kamatian,” (HR. Ahmad).

Benten deui sareng hate anu gering. Hate anu gering mah salawasna mentingkeun haliah dunya. Nuturkeun hawa nafsu sareng poho piakherateun. Akibat poho ka alam akehrat, tingkah manehna saolah-oleh rek hirup di dunya salilana.

Benten pisan sareng hate anu sehat. Anjeuna sadar yen kahirupan dunya mah ukur permainan sareng kaheureuyan, sementawis kahirupan akherat eta kahirupan aku leuwih alus keur jalma anu tarakwa, sakumaha anu diuningakeun dina Al-Quran:

وَمَا الْحَياةُ الدُّنْيا إِلاَّ لَعِبٌ وَلَهْوٌ وَلَلدَّارُ الْآخِرَةُ خَيْرٌ لِلَّذِينَ يَتَّقُونَ أَفَلا تَعْقِلُونَ

Hartosna, “Teu pati-pati kahirupan dunya kacuali permainan sareng kaheureuyan, sementara kahirupan akherat eta leuwih alus keur jalma anu takwa. Naha anjeun teu berpikir?” (QS. Al-Anam [6]:33).

Salajengna, hate anu sehat mah salawasna emut kanu Kagungan, dugika waktosna mulang ka Allah SWT, salamina tawadhu di payuneun-Nana, gumantung ka Anjeunna, saperti gumantungna hiji jalma ka kabogohna.

Alhasil, hate anu sehat mah jauh tina sifat sombong jeung takabur. Malahan, ku sifat gumantung ka Allah SWT nu aya dina dirina, manehna ngarasa teu perlu mika cinta anu sejen, teu perlu merhatikeun kana dunya, da dunya mah ibarat jalan eukeur meuntas, lain keur dijadikeun tujuan. Sakalipun manehna kudu mikacinta dunya, maka mika cintana pasti karena Allah SWT, lain karena nafsu.

Tanda hate sehat saterasna nyaeta nalika ngaliwatan hiji kahadean atawa hiji kataatan, anjeuna bakal hanjakal leuwih ti hanjakal ku sabab kaleungitan harta banda.

Hate anu sehat mah salawasna bakal migandrung kahadean jeung kamulyaan akherat layakna jalma lapar anu migandrung kadaharan jeung minuman. Anjeuna ngarasa bungah nalika tiasa ibadah sareng kumaula ka Alloh. Sahingga naon wae anu datang ti Mantenna, bakal ditarima kalayan karidoan sareng kaikhlasan.

Kaitan sareng hal ieu, Yahya bin Mu’adz pernah sasauran, “Jalma anu resep kumaula ka Allah SWT, maka naon wae sareng saha wae bakak resep kumaula ka dirina. Jalma anu resep hatena ka Alloh, maka sagala rupa bakal resep ningal ka manehna.”

Salian ti eta, perhatian hate anu sehat ukur hiji, nyaeta Allah SWT dina kataatan. Sieun keleungitan waktu sasarengan jeung Allah SWT. Anjeuna sieun waktuna kabuang sia-sia. Sabab, jalma nu sok nyia-nyiakeun waktu teh kaasup jalma anu rugi, sakumaha dina surah al-Ashr:

وَالْعَصْرِ ، إِنَّ الْإِنْسَانَ لَفِي خُسْرٍ ، إِلَّا الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ وَتَوَاصَوْا بِالْحَقِّ وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ

Hartosnna, “Demi waktu, saenya-enyana manusa eta aya dina karugian, kecuali jalma-jalma anu iman, migawe amal soleh, sareng silih wasiatan dina hak sareng dina kasobaran,” Al-Ashr [103]: 1-3).

Nalika datang waktu solat, hate anu sehat mah perhatiannana leupas tina haliah dunya, sabab hayang asup ka jero katenangan, kani’matan, sareng kakhusyuan. Anjeuna teu pernah laley tina dzikir ka Allah SWT, teu pernah bosen kumaula ka Allah SWT, teu pernah lesot nyobat sareng Allah SWT, teu pernah nyobat kecuali jeung jalma anu tiasa nunjukkeun sareng ngelingan dirina ka Allah SWT.

Baca Juga: 9 Tips Membuat Pasangan Jatuh Cinta Berkali-kali, Ajak Kencan Berdua!

Perhatiannana museur kana ngomean amal sareng midamel amal anu pang sae-saena. Saatosna kitu, anjeuna nyusul eta amal ku kaikhlasan sareng kapasrahan ka Allah SWT. Teu pernah kagok nyuhunkeun nasehat ka ahli nasehat.

Teu pernah leupas ningal sagala rupi nu ditampina salaku karunia sareng rezeki Allah SWT, sementara ningal dirina pinuh ku kakurangan sareng kalaleyan dina nyumponan hak-hak Allah SWT. Anjeuna masrahkeun sadaya amal sabari pinuh ku kasadaran yen diri teu aya daya tur kakiatan anging pitulung Allah SWT.

Anapon anu matak ngaruksak kana hate, pang saalitna aya opat perkara: kahiji seueur ngawangkongkeun perkara anu teu aya maknana, kadua seueur ningal perkara anu teu guna, katilu seueur barang dahar sanajan anu didaharna kadaharan anu halal, kaopat seueur bergaul sareng jalmi-jalmi anu jauh jeung Pangeranna.

Terakhir, hate anu paeh sakumaha dicirian ku Al-Quran nyaeta hate jalma-jalma anu kufur. Teu ngaku Allah SWT salaku pangeran. Sumawona lamun taat lamun daek nauhidkeun.

Ari perkara anu matak nyehatkeun jeung ngahirupkeun hate, sakumaha anu parantos didugikeun di luhur nyaeta seueur ngaos Al-Quran, dzikir ka Allah SWT, ngadoa, ngaos sholawat, seueur istigfar, midamel solat wengi, reureujeungan sareng jalmi soleh, sareng sajabina.

Mudah-mudahan urang sadayana dipaparin hate anu sehat, sareng bersih tina sagala rupi sifat anu tercela, terutami kayakinan anu goreng ka Allah SWT. Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh"

Demikian Contoh Khutbah Jumat Singkat yang bisa dihapal untuk Hari Jumat ini. Semoga bermanfaat!

Sumber: jabar.nu.or.id

Follow Berita Sukabumi Update di Google News
Editor :
Berita Terkait
Berita Terkini
DPRD Kab. Sukabumi29 April 2024, 15:35 WIB

Komisi II DPRD Sukabumi Susun Raperda Penyelenggaran Perhubungan

Komisi II DPRD Kabupaten Sukabumi kini tengah fokus menyusun Rapncangan Peraturan Daerah Tentang Penyelenggaraan Perhubungan (Raperda RPP).
Komisi II DPRD Kabupaten Sukabumi menggelar FGD dengan Organda dan Komunitas Angkot untuk bahan penyusunan Raperda Penyelenggaran Perhubungan | Foto : Ist
Life29 April 2024, 15:30 WIB

6 Tips Mengobati Rasa Sakit Hati Akibat Dikecewakan Pasangan, Yuk Dicoba!

Guna menyembuhkan sakit hati dikecewakan pasangan, maka penting kiranya agar setiap diri memiliki keinginan untuk move on yang tinggi.
Ilustrasi. Cara menyembuhkan sakit hati dikecewakan pasangan. Sumber foto : Pexels/ SHVETS production
Inspirasi29 April 2024, 15:00 WIB

Lowongan Kerja Sebagai Kasir di Minimarket Sukabumi, Minimal SLTA/SMU/SMA

Apabila kamu tertarik dengan lowongan kerja ini, segera daftarkan diri sekarang juga!
Lowongan Kerja Sebagai Kasir di Minimarket Sukabumi, Minimal SLTA/SMU/SMA. (Sumber : Freepik/pressfoto)
Sukabumi29 April 2024, 14:43 WIB

Dinas PU Perbaiki Kerusakan Jalan Kompa-Cipanggulaan di Parungkuda Sukabumi

Perbaikan jalan sepanjang 200 meter ini untuk meningkatkan kualitas dan keamanan.
Proses perbaikan kerusakan Jalan Kompa-Cipanggulaan, tepatnya di Desa Kompa, Kecamatan Parungkuda, Kabupaten Sukabumi, Minggu, 28 April 2024. | Foto: Istimewa
DPRD Kab. Sukabumi29 April 2024, 14:26 WIB

Semifinal Piala Asia U-23 Indonesia vs Uzbekistan, Budi Azhar Prediksi Timnas Menang 2-1

Wakil Ketua DPRD Kabupaten Sukabumi Budi Azhar Mutawali optimis Timnas Indonesia U-23 bisa menang atas Uzbekistan.
Wakil Ketua DPRD Kabupaten Sukabumi Budi Azhar Mutawali. (Sumber : Dok.SU)
Sukabumi29 April 2024, 14:14 WIB

Dua Remaja Citamiang Sukabumi Ditangkap, Bergilir Cabuli Anak di Bawah Umur

Kedua pelaku ditangkap setelah polisi menerima laporan soal dugaan pencabulan ini.
Lokasi dugaan pencabulan yang dilakukan RJ dan RE di rumah RE di Jalan Pemuda Kampung Baru, Kelurahan/Kecamatan Citamiang, Kota Sukabumi. | Foto: Polres Sukabumi Kota
Bola29 April 2024, 14:00 WIB

Optimis! Shin Tae-yong Ingin Bawa Timnas Indonesia ke Olimpiade Paris 2024

Shin Tae-yong berambisi bawa Timnas Indonesia terbang ke Olimpiade Paris 2024.
Shin Tae-yong berambisi bawa Timnas Indonesia terbang ke Olimpiade Paris 2024. (Sumber : pssi.org).
Life29 April 2024, 13:41 WIB

Jangan Diabaikan! Ketahui 7 Penyebab Balita Sering Memukul

Apakah balita Anda memukul anak lain saat pertama kali merasa frustasi? Jika ya, berikut cara menangani perilaku ini.
Ilustrasi balita memukul. | Foto: Freepik/@freepik
Life29 April 2024, 13:30 WIB

Jangan Dibentak! Ini 5 Cara Agar Anak Selalu Mau Dinasihati Orang Tua

Orang tua harus memiliki pendekatan yang bagus dan baik selama mengasuh anak agar mereka mau dinasihati dan tidak memberontak.
Ilustrasi. Cara agar anak mau dinasihati orang tua. Sumber foto : Pexels/Elina Fairytale
Life29 April 2024, 13:11 WIB

Tetap Bersikap Konsisten, 5 Tips Penerapan Sistem Penghargaan untuk Anak Usia Sekolah

Dengan menerapkan sistem penghargaan untuk anak usia sekolah, disinyalir sangat berguna untuk memotivasi mereka.
Ilustrasi penghargaan untuk anak. | Foto: Freepik/@stocking